Bumi anu aya di 1000 métér leuwih ti beunget pasisir ieu karasana ti’is lamun geus ngadeukeutan ka usum halodo. Di pakarangan aya tangkal jumaér numatak cicing di imah téh wat asa maruriang. Tapi ti’is-ti’is gé kuring betah cicing dina ieu tempat teh.

Di bumi éta,web akhirna réngsé dijieun kukuring. Najan sinyal internét susahna ménta apun, ari niat mah aya wé jalana, saperti Hugo SSG anu ngababarikeun nyieun web ieu.

Web ieu bakal digunakeun kanggo ngadokumentasikeun kagiatan-kagiatan anu kukuring dilakonan. Bisi mah aya patarosan naha maké dina blog dokumentasi téh di tulis naha teu nabuku wé? Jadi kuring hayang kagiatan anu dilakonan téh bisa jadi bahan referensi jang batur. Jeung deuih cara ngaksesna gé gampang tingal buka internet bakal langsung beunang, lamun make bukumah bakal rudet.

Kuring nulis blog ieu maké basa Sunda jeung aya aksara Sundana ogé. Ieu téh teu pati-pati ngarah aya bahan kanggo baca-bacaeun urang sunda sarta kanggo anu kataji ku basa sunda. Sareng deuih kuring nulis blog ngaggé basa sunda téh teu lain sabab kuring bangga jadi urang sunda.

Ngajadi warga Nagara Indonesia teu leungkep lamun teu nulis maké basa Indonesia. Jang ngaleunkeupana kuring gé nulis blog anu maké basa Indonesia. Blog éta tiasa di akses nganggé link ieu.

Pami teu aya halanngan mah kuring hayang kabéh carita anu ditulis téh aya dina basa anu beda-beda.

Kuring nyuhunkeun di hapunteun dina nulis blog kuring teu ngagunakeun tata basa anu bener jeung anu sopan. Lain eumbung ngagunakeun basa anu lemes tapi kuring teu pati tiasa ngaggo basa sunda anu lemes. Harap dimaklum wénya para pamios.

Pami aya kecap basa anu teu dipikaharti tiasa di taros di kolom koméntar, sareng pami aya kecap anu lepat tiasa ngalereskeun dina kolom koméntar.